Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

KATA CINTA VERSI BAHASA SUNDA ALA MARIO TEGUH

*Terkadang di dalam perjalanan yang mulus kita sering tijalikeuh, tapi kita tetap harus maju dan berlari sanajan bari ingked-ingkedan.

*Seuri bari hate nalangsa adalah ciri-ciri jalma anu hebat, kuat tur loba jerawat.

*Cinta nu tulus bersih liribarat kaen sutra nu anyar di keueuman tujuh poe tujuh peuting, sanajan ceuk batur bau tapi ceuk nu resepmah nu penting bersih tur enak ka tempona.

*Terkadang Pami Cinta geus melekat tai Ucing karasa nikmat siga coklat.

*Sakabeh perjalanan nu teu di hareupkeun pasti bakal sae dina palebah tung-tungna kitu oge lamunmah keur alus milikna.

*Susah jeung senang dina kahirupan pasti bakal kasorang salagi jasad jeung roh, napel ngahji ibarat gula jeung a misna.

*Istilah barudak ayeuna teu lepas tina kecap jatuh cinta, numana ngandung harti tut wuri hayandani (hitut nyeri hayang deui). Geus puguh jatuh cinta teh nyeri tapi hayang deui hayang deui.”

*urang Amerika mah hitut teh ngobrol, "EXCUSE ME". urang Inggris hitut ngobrol, "PARDON ME". Mun urang Singapore ngobrol, "I'M SORRY". tapi ari urang Indonesia mah ngobrolna teh, "lain abi!! lain abi!!" 

*Cara Awet ngora, nyaeta :
1. Loba nginum cai kalapa ngora.
2. Nginum "jamu awet ngora".
3. Tuang "Daun Ngora".
4. Gaduh "Istri ngora".

*Pas ningali bayi, abdi inget "TEDDY BEAR DOLL".
Pas abdi ningali budak alit, abdi inget "BARBIE DOLL".
Pas abdi ningali kamu, ehh inget na "PANADOL"

*Cenah mah Cinta teh buta 
Buta teh panon 
ari Panon teh buled 
Buled teh endog 
endog teh aya koneng na 
Koneng teh siga tai 
Ari tai teh Bau 
Bau teh maneh

*Selamat...Maneh meunang Handphone Nokia 6600.
Untuk keterangan lewih lanjut hubungi bapa maneh!

*Aya listrik di masigit, caangna kamana mana
Aya istri jangkung alit, hanyakal geuning waria

*Daun hiris dibeungkeutan, dibawa ka juru leuiit
Anu geulis ngadeukeutan hayangeun dibere duit

*kuring ek coba dahar alien ah.
gregeteun hayang apal rasana

*Pedah kuring kuralang kuriling
ucing ge’ring ngahariring
Tengah peuting jempaling jempling
kuring nyaring hayang ngising

*Ku pedah urang babaturan sajati
Manéh gumbira kuring gumbira
Manéh hanjelu kuring milu hanjelu
Manéh seuri kuring seuri
Manéh ceurik kuring ogé ceurik
Manéh tikecebur kana got kuring seuseurian nepika ticeurik-ceurik…

*Ka Jampang mawa pakarang
ajang pe’rang makalangan
Ka akang naha sale’mpang
akang sayang ngan ka yayang

*Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun nya dilebok..

*Budak leutik bisa ngapung
Eta kalong ngrana
Botak saeutik jiga celempung
asa hayang ngarampana

*Colenak enak dicocol, Komo mun tambah kalapa
Beletak pitak ditakol, Poho mun sirah mitoha, Hampura abah teu dihaja!!!

*Kenangan endah keur babarengan jeung anjeun ek di inget inget nepi ka poho

*Saha we nu bade nyangke, kamari abdi nu ngajagi
Bebende nu hade hate, pamatri ati nu sajati

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar